Doel Sumbang - Gula Gula Gula Batu
(Deudeuh Teuing)
Sawarga Dunya Ibu Kota
Ngajejewet Budak Geulis Ngora..
Nu Ngimpi Hirup Ngawang-Ngawang..
Hayang Gancang Jadi Bentang Mencrang..
Modal Nekat Poho Ngitung..
Tempat Matuh Dahar Jeung Baju..
Sabun, Shampo, Wedak,
Lipstik, Salon, Taksi..
Matak Miris Taya Nu Gratis..
Sagala Mayar, Sagala Kudu Dibayar..
Sawatara Anjeun Di Ibukota Nyorangan..
Ngudag Jalan Lempeng
Silih Siku Jeung Baluwen..
Disiksa Lapar Jeung Keueung
Tigebrus Bati Malaweung..
(Deudeuh Teuing)
Jadi Bentang Sinetron Teu Payu..
Jadi Foto Model Teu Payu..
Jadi Peragawati Teu Payu..
Muru Gancang Beunghar Jadi Gula Batu..
(Pamanis)
Gurilapnya Dunya Nyata Ngalolongkeun Matana..
Hirup Dinu Poek Mongkleng Pinuh Kapalsuan..
Gurilapnya Dunya Nyata Ngalolongkeun Matana..
Hirup Ngalalakon Jadi Bentang Teu Sinaran..