Gening Hirup Teh Karasa Beurat..
Kadang Cape Api Api Kuat..
Teu Aya Nu Ngabaturan..
Sok Asa Sorangan..
Tapi Da.. Kudu Dilakonan..
Karasa Peurih..
Inget Kanu Dibumi..
Ngajerit Nahan Kabeh Kanyeri..
Reff :
Hampura.. Abi Hampura..
Rumasa.. Teu Walakaya..
Hampura.. Abi Hampura..
Can Tiasa.. Mulang Tarima..
Unggal Peuting Teu Bisa Sare
Da Inget Wae
Indung Jeung Bapa
Beuki Kolot Nyentug Kana Hate
Tapi Urang Masih Can Bisa
Ngawujudkeun Cita-Cita
Ngangkat Derajat Kaluarga
Ameh Teu Dihina
Aing Mah Geus Baal
Ku Nungranna Gagal
Aing Apal Kasuksesan
Pasti Hargana Mahal
Teu Cukup Saukur Ngamodal Angan-Angan
Tapi Kudu Dibarengan
Ku Meurih Jeung Pengorbanan
Ningali Indung Jeung Bapa Ker Sare
Nyieu Aing Poho Rasana Cape
Meureupkeun Leungeun Ngucap Dinu Hate
Lamun Aing Teu Gawe Moal Bisa Nyalse
Teu Paduli Lamun Beurang
Salila Aing Bisa Manfaat
Teu Paduli Mun Kasusah
Salila Bisa Mulang Tarima
Reff :
Hampura.. Abi Hampura..
Rumasa.. Teu Walakaya..
Hampura.. Abi Hampura..
Can Tiasa.. Mulang Tarima.. Ho Wo..
Hampura.. Abi Hampura..
Rumasa.. Teu Walakaya..
Hampura.. Abi Hampura..
Can Tiasa.. Mulang Tarima..
Can Tiasa.. Mulang Tarima..