Wanoja Nu Panggih Harita
Duka Saha Duka Urang Mana
Adu Teuteup Ukur Saliwatan
Tapi Matri Na Ati Ka Papanjangan..
Kabayang-Bayang Kudu Kamana Neang
Ka Impi-Impi Kudu Kamana Milari
Rumasa Gandrung Kapidangdung
Ngalanglayung Teu Sirikna
Gering Nangtung
Reff :
Ukur Bisa Ngadu'a
Neda Kanu Kawasa
Mugi Aya Ridona
Pendak Deui Jeng Manehna..
Cunduk Waktu Ninggang Mangsa
Bagja Di Ijabah Du'a
Tepung Jeung Panutan Rasa
Di Tasikmalaya..
Diwahana Alam Parung Tasikmalaya
Jadi Wanoh Ngawalan Carita Cinta..
Diwahana Alam Parung Tasikmalaya
Deukeut Raket Geugeut Dugin
Ka Ayena..
Reff :
Ukur Bisa Ngadu'a
Neda Kanu Kawasa
Mugi Aya Ridona
Pendak Deui Jeng Manehna..
Cunduk Waktu Ninggang Mangsa
Bagja Di Ijabah Du'a
Tepung Jeng Panutan Rasa
Di Tasikmalaya..
Diwahana Alam Parung Tasikmalaya
Jadi Wanoh Ngawalan Carita Cinta..
Diwahana Alam Parung Tasikmalaya
Deukeut Raket Geugeut Dugin
Ka Ayena..