Cag Di Dieu Cag Semet Dieu
Lalakon Cinta Nu Urang
Tep Antepkeun Tong Diguar Deui
Carita Cinta Nu Pegat
Najan Kagandrung Sagunung
Najan Duriat Sajagat
Kadeudeuh Nu Nyangreud Pageuh
Ahirna Urang Papisah
Pisah..
Rek Ka Saha Ka Urang Mana
Geura Milari Gentosna
Jig Ka Kidul Jig Ka Kaler
Ngulon Ngetan Moal Nyaram
Tos Teu Aya Kakaitan
Antara Urang Duaan
Lain Anjeun Lain Akang
Urang Geus Lain Lain Na
Lain..
Ulah Ceurik Tong Diceungceurikan
Tarimakeun Janten Randa,
Akang Pasrah Jadi Duda
Da Gening Kieu Kuduna Urang Teu Bisa Kumaha
Ulah Ceurik Tong Diceungceurikan
Wayahna Urang Papegat
Najan Hate Masih Beurat
Pileuleuyan-Pileuleuyan
Hampura Akang Hampura