Ka Garut Kajojo Ku Dodolna
Ka Tasik Lalucu Souvenirna
Ciamis Raos Galendona
Ka Banjar, Pangandaran, Endah Alamna
Urang Sindang Ka Sumedang
Mapay Jalan Cadas Pangeran
Tuang Tahu Nikmat Pisan
Pelesiran Bari Gogonjakan..
Cililin Kataji Itu Wajitna
Ka Bogor Kasohor Ku Taleusna
Cianjur Gaduh Taucona
Ka Bandung Kota Kembang
Geulis Mojangna
Urang Sindang Ka Karawang
Kageugeut Ku Goyang Karawang
Urang Subang Wantun Tandang
Kameumeut Ku Nanas Maduna..
Kuningan Ku Talaga Reumisna
Cirebon Kasohor Ku Tarlingna
Maranggi Ti Purwakarta
Mochi Ti Sukabumi Wajib Dicobi
Majalengka Someahna
Kataji Ku Mangga Gedongna
Jajakana Pangkasepna
Taya Deui Bandinganana..
Ka Banten Katelah Ku Debusna
Ka Jampang Reueusku Jawarana
Cimahi Gede Kawani
Sanajan Kota Leutik Tapi Campernik
Bandung Barat Anu Lumpat
Lumampah Jeung Mawa Mangpaat
Majalaya Katelahna
Raos Pisan Borondong Garingna