Chordyes

Panutan Rasa

Doel Sumbang의 Panutan Rasa 가사

Wanoja Nu Panggih Harita Duka Saha Duka Urang Mana Adu Teuteup Ukur Saliwatan Tapi Matri Na Ati Ka Papanjangan.. Kabayang-Bayang Kudu Kamana Neang Ka Impi-Impi Kudu Kamana Milari Rumasa Gandrung Kapidangdung Ngalanglayung Teu Sirikna Gering Nangtung Reff : Ukur Bisa Ngadu'a Neda Kanu Kawasa Mugi Aya Ridona Pendak Deui Jeng Manehna.. Cunduk Waktu Ninggang Mangsa Bagja Di Ijabah Du'a Tepung Jeung Panutan Rasa Di Tasikmalaya.. Diwahana Alam Parung Tasikmalaya Jadi Wanoh Ngawalan Carita Cinta.. Diwahana Alam Parung Tasikmalaya Deukeut Raket Geugeut Dugin Ka Ayena.. Reff : Ukur Bisa Ngadu'a Neda Kanu Kawasa Mugi Aya Ridona Pendak Deui Jeng Manehna.. Cunduk Waktu Ninggang Mangsa Bagja Di Ijabah Du'a Tepung Jeng Panutan Rasa Di Tasikmalaya.. Diwahana Alam Parung Tasikmalaya Jadi Wanoh Ngawalan Carita Cinta.. Diwahana Alam Parung Tasikmalaya Deukeut Raket Geugeut Dugin Ka Ayena..