Intro
Chorus
Mening Jomblo Mening Jomblo
Dari Pada Beungeut Jadi Boloho
Mening Jomblo Mening Jomblo
Piceun Kabogoh Nu Olo Olo
Verse
Mening Kénéh Jomblo
Kar'na Geus Loba Anu Jadi Conto
Nu Gableg Kabogoh Otakna Sok Jadi Bodo
Kahayang Kabogohna Sagala Dicumponan
Teu Nyadar Diri Manéhna Saukur Diporotan
Indit Ka Bioskop Unggal Film Anyar Tayang
Duit Sia Béak Demi Kata, "Makasih Tayang"
Leuheung Lamun Boga Kabogohna Soléhah
Ieu Mah Ngan Nyieun Dompét Kosong Ciga Kopéah
Negara Merdeka Ti Basa Keur Éta
Sia Dijajah Kénéh Musingkeun Saréréa
Hayang Ulin Teu Meunang Da Sagala Dikekang
Hirup Sia Ciga Motor Anu Dikonci Sétang
Ku Kabogoh Sieunna Geus Ciga Ningali Macan
Ai Ka Kolot Sorangan Sok Wani Ngalawan
Hayang Dikutuk Jadi Méja Parasmanan
Siga Mah Sia Keur Orokna Teu Diadzanan
Chorus
Mening Jomblo Mening Jomblo
Dari Pada Beungeut Jadi Boloho
Mening Jomblo Mening Jomblo
Piceun Kabogoh Nu Olo Olo
Verse
Jadi Jomblo Mah Moal Loba Nyeri Haté
Teu Ciga Sia Anu Hirupna Ngabatin Waé
Bisa Happy Jeung Seuri
Tanpa Sieun Dinyenyeri
Hirup Enjoy Da Bahagia
Mah Teu Kudu Meuli
Jomblo Peduli Lingkungan
Teu Kudu Loba Mandi
Unggal Panggih Kudu Mandi
Lebar Hambur Hambur Cai
Di Lembur Batur Mah
Hayang Nginum Gé Hésé
Sia Miceun Cai
Ukur Jang Manggihan Awéwé
Jomblo Lain Berarti Aing Teu Payu
Aing Hayang Bébas
Teu Kudu Ngabaran Tiap Waktu
Deukeut Jeung Sasaha Moal
Aya Nu Nyarék
Teu Kudu Nurut Aturan
Ciga Pagawé Kahatex
Jadi Jomblo Mah Jauh Kana Maksiat
Teu Ciga Sia Anu Mesumna Tara Kaliwat
Aing Érék Ngawiat Ieu Hiji Kalimat
"Inget, Aing Jeung Saria
Téh Bakal Dijemput Ku Malaikat"
Chorus
Mening Jomblo Mening Jomblo
Dari Pada Beungeut Jadi Boloho
Mening Jomblo Mening Jomblo
Piceun Kabogoh Nu Olo Olo
Emang Sih Cinta Ceunah Mah Buta
Tapi Teu Kudu Kitu Carana
Da Lamun Aing Kudu Ngalaman
Teu Sudi Teuing Mening Sorangan
Chorus
Mening Jomblo Mening Jomblo
Dari Pada Beungeut Jadi Boloho
Mening Jomblo Mening Jomblo
Piceun Kabogoh Nu Olo Olo
Mening Jomblo Mening Jomblo
Dari Pada Beungeut Jadi Boloho
Mening Jomblo Mening Jomblo
Piceun Kabogoh Nu Olo Olo
Outro