Jag Didieu Jag Disemet Dieu
Lalakon Cinta Nu Urang
Tep Antepkeun Tong Di Guar Deui
Carita Cinta Nu Pegat
Najan Kagandrung Sagunung
Najan Duriat Sajagat
Kadeudeuh Nu Nyanggret Pageuh
Ahirna Urang Papisah Pisah
Rek Ka Saha Ka Urang Mana
Geura Milari Gentosna
Jig Ka Kidul Jig Ka Kaler
Ngulon Ngetan Moal Nyaram
Tos Teu Aya Kakaitan
Antara Urang Duaan
Lain Anjeun Lain Neng
Urang Geus Lain Lain Na Lain
Ulah Ceurik Tong Di Ceungceurikan
Tarimakeun Janten Duda Neng Pasrah Jadi Randa
Da Gening Kieu Kuduna Urang Teu Bisa Kumaha
Ulah Ceurik Tong Di Ceungceurikan
Wayahna Urang Papegat
Najan Hate Masih Beurat
Pileuleuyan-Pileuleuyan
Hampura Neng Hampura