Saprak Anjeun Ngaleos
Ngabeubeutkeun Duriat
Nirup Asa Nunggelis Hate Mararingis..
Saprak Anjeun Ninggalkeun
Ngararajet Cinta Urang
Pikiran Baluweng Pinuh Ku Emutan..
Sagala Rasa Kabawa Anjeun..
Saparo Nyawa Ngilu Ka Anjeun
Nikmatna Hirup Leungit Teu Nyesa
Teuing Kamana..
Letah Teu Mirasa Sagala Karasa Pait..
Sare Gulang Guling Hese Peureum
Chorus
Kahayang Mah Ieu Teh Sakur Ngimpi..
Anu Ngageuingkeun Urang
Tina Kasombongan Diri..
Kahayang Mah Waktu Teh Ngulang Deui..
Sabulan Anu Katukang
Basa Silih Keukeupan
Ngahelas Kaleungitan
Ngorejat Seseblakan
Lieuk Euweuh Lieuk Euweuh
Ngagugulung Lamunan
Ngarep-Ngarep Sakur Ngimpi..
Ngarep-Ngarep Anjeun Datang
Tiap Detik Ngan Tatanya
Dimana Anjeun
Letah Teu Mirasa Sagala Karasa Pait..
Sare Gulang Guling Hese Peureum..