Pupusna Hareupan Dedeuh Cinta Urang
Firasat Aya Nu Lian..
Anjeun Mah Sulaya Pinuh Sandiwara
Boa Anjeun Pindah Rasa..
Kungsi Matri Jangji Satia Saati
Mugia Sing Paheut Deui..
Hate Nu Honcewang Waas Neteup Bulan
Estu Ngantos Anjeun Mulang..
Geulis Sing Percaya Akang Mah Satia
Tuh Bulan Bentang Saksina..
Najan Anggang Raga Kahalang Sagara
Mung Anjeun Nu Di Picinta..
Jangji Nu Kamari Teu Kungsi Kaganti
Pageuh Teu Laas Ku Wanci..
Tebih Dina Soca Mung Cakeut Di Du'a
Cinta Urang Salamina..
Mana Jangji Akang Nu Baheula..
Mana Sumpah Engkang Nu Bihari..
Hanas Abdi Nganti Siang Wengi..
Horeng Ngan Ukur Mere Hareupan..
Luhurna Gunung Moal Matak Jadi Kabendung
Lega Sagara Teu Bisa Megatkeun Rasa..
Eta Jangji Akang Sautuhna..
Tuh Bulan Saksina, Tuh Bentang Saksina
Sumpah Jangji Dugi Ka Ahir Dunya..
Reff :
Tuh Bulan Saksina Mawa Beja..
Asih Urang Geuning Di Tungtung Carita..
Bentang Teu Nyarengan
Ninggalkeun Hate Nu Melang
Ukur Ka Anjeun Diri Neundeun Hareupan..
Duh Mugi Gusti Kiatkeun Diri..
Tali Asih Urang Sing Janten Ngahiji..
Najan Lobana Gogoda Tumiba Ka Diri
Ukur Anjeun Nu Jadi Cinta Sajati..
Mana Jangji Akang Nu Baheula..
Mana Sumpah Engkang Nu Bihari..
Hanas Abdi Nganti Siang Wengi..
Horeng Ngan Ukur Mere Hareupan..
Luhurna Gunung Moal Matak Jadi Kabendung
Lega Sagara Teu Bisa Megatkeun Rasa..
Eta Jangji Akang Sautuhna..
Tuh Bulan Saksina, Tuh Bentang Saksina
Sumpah Jangji Dugi Ka Ahir Dunya..
Reff :
Tuh Bulan Saksina Mawa Beja..
Asih Urang Geuning Di Tungtung Carita..
Bentang Teu Nyarengan
Ninggalkeun Hate Nu Melang
Ukur Ka Anjeun Diri Neundeun Hareupan..
Duh Mugi Gusti Kiatkeun Diri..
Tali Asih Urang Sing Janten Ngahiji..
Najan Lobana Gogoda Tumiba Ka Diri
Ukur Anjeun Nu Jadi Cinta Sajati..
Tuh Bulan Saksina Mawa Beja..
Asih Urang Geuning Di Tungtung Carita..
Bentang Teu Nyarengan
Ninggalkeun Hate Nu Melang
Ukur Ka Anjeun Diri Neundeun Hareupan..
Duh Mugi Gusti Kiatkeun Diri..
Tali Asih Urang Sing Janten Ngahiji..
Najan Lobana Gogoda Tumiba Ka Diri
Ukur Anjeun Nu Jadi Cinta Sajati..